![]() |
Gambar Ucang Angge tinu buku Kaulinan Barudak Lembur |
Ucang-ucang angge
mulung muncang ka parangge
Digog-gog ku anjing gede
Anjing gede nu pa lebe
Ari gog, gog cungungung
Ari gog, gog cungungung
Saméméh bedug magrib, Hadan, Hamid, Uha, jeung Karmin ngariung handapeun bedug. Sarungna dibeulitkeun dina cangkéngna.
“Urang ucang anggé téa yu!” Hadan ngajakan kababaturanana.
“Sok! Kuring jeung Karmin, Hadan jeung Uha!” ceuk Hamid bari nyekelan leungeun Karmin.
“Yu atuh, bisi kaburu aya Mama Haji!” Hadan ngaléngkah abus ka jero tajug. Babaturanana naluturkeun.
“Kuring nu pangheulana tumpak nya, Dan!” ceuk Uha.
“Nya suten heula atuh,” témbal Hadan.
Hadan jeung Uha suten. Kitu deui Hamid jeung Karmin ogé milu suten siga Uha.
“Kuring meunang!” ceuk Uha.
“Kuring ogé meunang!” ceuk Karmin.
Lung-lung, barudak téh ngalungkeun sarungna kana bilik tajug. Hadan jeung Hamid nangkarak, sukuna ditikelkeun sarta dirapetkeun kana dadana. Ari dampal sukuna rada dicentangkeun. Uha gék diuk dina tonggong suku Hadan, awakna nangkod kana bitis, leungeunna muntang kana tuur.
“Siap!” ceuk Hadan.
“Ké engké heula!” ceuk Uha.
“Tuh, Karmin salah muntangna!” Uha nunjuk ka Karmin.
Keur kitu, Hamid nyakakak seuri. “Karmin lésot! Kuringeun anu tumpakna!” Koréjat Hamid hudang. Karmin gantian nangkarak.
Waktu barudak keur anteng ucang anggé, torojol Mama Haji sumping. “Keur nanaonan éta téh, barudak?” saurna.
Hamid, Uha, Hadan, jeung Karmin ngagurubug reuwaseun. Ampir wé beungeut Karmin katincak ku Hadan. Mama Haji mah gumujeng baé.
Barudak silihrérét, tuluy nyarokot sampingna dipaké nyusutan késangna.
Posting Komentar