![]() |
| Prosesi Adat Ngawastu Dewan Kebudayaan Sumedang, Dok panitia. |
Sampurasun,
Purwa Jati ning wiwitan,
Ari ieu pitutur nu jadi galur, pangwuwuh ti Panyipuhan, panganteur ri Pangadegan turta pangjajap ti Panglokatan, sahubungan jeung acara istrénan Ketua sarta Pangurus Déwan Kebudayaan Sumedang periode 2025 - 2030 kamari dina poé Ahad ping 26 Juli 2026 di Gedong Nagara, dimana Panata Calagara mintonkeun pagelaran anu ngangkat Sumanget turta Ajén inajén Adat Budaya nu nandakeun DKS dina hal ieu seja ngalarapkeun ajén luhung dina gelaran acara, dimana acara dibuka ku pintonan Penca Silat kolosal nu ngalibatkeun para pasilat ti mimiti barudak Sakola Dasar tur para nonoman nu geus rumaja putra putri ti sababaraha Paguron nu kawengku ku PPSI, sarta acara utama nyaéta istrénan nu mawa jejer laku "Ngawastu".
Bisa jadi ieu istilah téh nimbulkeun pertanyaan ti sawatara masarakat umum boh nu hadir atawa nu mireng tur maca dina kalawarta sok sanajan teu langsung pok, utamana pisan ku ayana simbolisasi dina prosesi istrénan nu ngagunakeun pedang, ceuk nu teu apal kana maksud jeung harti palasifahna tangtu nyebutkeun nanaonan, padahal jelas istrénan Ketua sarta Pangurus Dewan Kebudayaan Sumedang, dimana nu ngaran Budaya mah tangtu moal leupas tina salahsahiji unsurna nyaéta Adat tradisi, dimana Adat Tradisi Ngawastu téh sok sanajan kiwari dianggap "anéh-anéh" atawa hiji hal anu teu lumrah, padahal cara saperti kitu téh mangrupa cara ciri anu ilahar diparaké ku karuhun-karuhun baheula, sabab kecap "Ngawastu" nu mibanda harti ngistrénan nu dina bahasa kiwari disebut pelantikan nyata aya kacutat dina sababaraha prasasti turta naskah-naskah kuna, saperti nu kacutat salahsahijina dina gurit Prasasti Batu Sasakala (Batu Tulis) Bogor : "...Diwastu diya wingaran ..." jeung saterasna.
Pon kitu deui prosesi ngawastuna nu ngagunakeun pedang, hal ieu ogé mangrupa hal anu ilahar di sababaraha wewengkon dina jaman karajaan, Boh di Sumedang atawa Karajaan² séjénna, kaasup di Inggris nu nepika kiwari masih kénéh dipaké, aya kamiripan kitu téh bisa jadi lain harti tuturuti, tapi aya huluwotan adat tradisi anu sarua, da kapan keuna ku ungkara "urang sakabéh saasal sacikal turta sabakal" sakumaha guritan unggel amanat Kangjeng Pangéran Mekah (Pangéran Soeria Atmadja) suwargi dina tugu Lingga : "Urang sadaya sami tunggal kaulaning AllaaH, saasal satedak kénéh..." jeung saterusna.
Ninggang di babasan "Ciri sabumi cara sadésa" tangtuna baé satiap wewengkon mibanda cara-ciri ritus simbul nu rupa², aya nu sarua dina carana (ritusna) tapi béda dina cirina (simbulna) atawa sabalikna, upamana ari cara ritus ngawastuna mah sarua tapi ciri simbulna aya nu ngagunakeun pedang, kujang, keris, tumbak, tongkat jeung sajabana. gumantung kana palasifah nu dipaké padomanana.
Prosesi ngawastu di Sumedang ngagunakeun ciri / simbol pedang, ngasalkeun tina carita Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung nalika tapa duwegan nu ditundaan Pedang Ki Mastak, anu dina palasifahna Duwegan téh ceuk kolot mah hartina : "kudu weweg adegan" (teguh pengkuh) Kalapa / Kapala = pamingpin, ditundaan Pedang Ki Mastak di luhurna anu hartina Seukeutna pamikiran dina mastaka, saurang pamingpin kudu cerdas / cukup ku élmu mahi ku pangarti dina bagbagan kapamingpinan, ngadék sacékna nigas saplasna, anu matak mimiti dina prosesi ngawastu téh wilah pedangna ditémpélkeun dina luhur embun²an nu nandakeun "Buhun disuhun" (ngajungjung tinggi ajaran luluhur), laju pindah kana taktak anu katuhu jeung kénca mangrupa simbul tanggung jawab anu diemban.
Katuhu : "katuhu jadi lulugu", hartina saurang pamingpin kudu satuhu kana aturan dina ngaluluguan sakumna ambarahayat, ulah lanca linci luncat mulang udar tina tali gadang, kulantaran seug nyérong lampah mangka pedang nu bakal ngalempengkeunana, lebah dieu pedang téh jadi simbul hukum anu teges.
Ari kénca : "kénca jadi carita" hartina tina kapamingpinanna kudu jadi carita (sajarah) nu hadé, ninggalkeun karya anu baris dikenang ku generasi nu bakal datang.
Tah sakitu saeutik guaran tina prosesi "Ngawastu" anu kamari digelar téh, muga jadi iber permana gambaran keur sararéa supagi urang hanteu salah ngajabaran, sok komo ngaheulakeun sakwasangka anu joré bari teu nyaho kalang-kujurna.
Malah didawuhkeun pisan ku Pangersa Juragan Bupati kamari dina acara ngeunaan masing² kamandang (sudut pandang) ku carita atawa analogi antara urang Indonesia, urang Swiss jeung urang 'Arab ngagambar gunung anu béda², urang Indonesia ngagambar gunungna warna héjo semu biru pinuh ku tatangkalan, samentara urang Swiss mah bodas pinuh ku salju, ari urang 'Arab mah gunungna gunung batu, seug ngagunakeun sudut pandang pribadi² tangtu baé bakal silih salahkeun, mangka saur pangersa Juragan Bupati perlu ayana kasadaran universal, ulah kurung batokeun, sabab seug dimana mibanda kasadaran universal mah bakal mampu ningali satiap hal sacara leuwih jembar sahingga bisa ngamafhum tina rupa-rupa perbedaan.
Sakitu nu kapihatur, muga agung cukup lumur jembar hampura anu diteda. Tutus bengkung képang halang, bobo sapanon carang sapakan, bobot pangayon timbang taraju aya dina manah para wargi sadaya.
Cag rahayu
Shema pun Nihawah
(Bagja Manusa nu netepan dina kasadaran)
Sri Rahayat Jati

Posting Komentar